Aya parobahan
dina kurikulum pendidikan anu rék lumaku dina taun 2013. Parobahan ieu nya éta
ditambahanna jumlah jam diajar siswa jadi 6 jam saminggu, tuluy lumakuna wajib
ekstrakurikulér utamana dina kagiatan pramuka di sakola. Numutkeun kolotna
murid, ieu téh ngabeuratkeun pisan pikeun budakna lantaran jam diajar jadi nambahan
jeung ayana kagiatan ekstrakurikulér nu diwajibkeun padahal kan aya ogé budak anu ngabogaan kapentingan
sorangan misal manéhna ngiluan lés privat, atau kagiatan séjénna diluar sakola.
Lamun misalna jam pangajaran disakola ditambahan ieu bisa ngabalukarkeun siswa
téh bakal balik sakola leuwih ti jam nu biasana, ieu bisa ngabalukarkeun samporétna
waktu pikeun ngaréngsékeun pancén sakolana, acan kudu ngapalkeun matéri anu
isuk rék diajarkeun disakola, aturan ieu nyieun kagiatan siswa jadi sibuk,
diforsir uteukna.
Salian ti éta, dina kurikulum 2013 ogé teu
dicantumkeun sacara éksplisit mata pelajaran basa daérah. Padahal basa téh
mangrupa cicirén bangsa, warisan kabudayaan ti karuhun urang baheula anu kudu
dijaga, dimumulé, sarta dipaké sangkan teu leungit ku robahna jaman. Ngahapus
pangajaran basa daérah sarua jeung ngaleungitkeun karakter bangsa Indonesia.
Bangsa asing mah ramé-ramé nalungtik kaunikan budaya urang, tapi naha ieu mah kalah rék
ngaleungitkeun budaya sorangan. Ayana kajadian ieu ngabalukarkeun ayana réaksi
hususna mahasiswa basa daérah, pemerhati basa daérah jeung guru basa daérahna éta
sorangan, masarakat ogé ngarojong kana aksi aranjeunna sangkan nolak kurikulum
2013, masarakat teu satuju lamun basa daérah dihapuskeun dina pangajaran di
sakola lantaran basa daérah téh penting. Dina pasal 32 ayat 2 disebutkeun yén
“Negara menghormati dan memelihara bahasa daérah sebagai kekayaan budaya
nasional”, lamun pangajaran basa daérah dileungitkeun berarti ngalanggar kana
UUD 1945.
Parobahan
kurikulum ogé bisa ngabalukarkeun kaluarna duit nagara nu leuwih gedé lantaran
lamun kurikulumna robah, pasti buku pakét pikeun siswana ogé ngilu robah
nyaluyukeun jeung kurikulum nu anyar. Kadua nya éta kudu ayana pelatihan guru anu
jumlahna kurang leuwih 400-500 rébuan lamun kurikulum diganti, katilu nya éta
tata administrasi saperti rapot anu robah kudu nyétak deui saluyu jeung
kurikulum nu anyar.
Dina
alesan-alesan diluhur bisa katingali ku urang kumaha eusi kurikulum 2013 téh,
niatna mah hadé hayang ningkatkeun kamampuh sumber daya manusa dina
nyanghareupan parobahan jaman nu nyiptakeun anak didik kompetén tapi katingalina
leuwih loba kahéngkérannana tibatan kaonjoyanana.